Pikeun karuhun Sunda baheula, sasalad jeung pirang-pirang kasakit téh dipahing pisan dipaké bahan guguyon.
Nu wani-wani ngaheureuykeun kasakit atawa perkara nu matak bahaya, disebutna gé jelema sompral. Jalma-jalma alam harita réa nu percaya yén ngangon biwir téh temahna bisa matak cilaka.
Ngaheureuykeun kasakit sarua jeung ngahudang napsu dedemit nu mawa éta kasakit. Ayeuna jaman geus robah, perkara nu dianggap irasional tangtu ditinggalkeun. Sanajan kitu, upama dipeleng saripatina, bisa jadi aya hal-hal nu nyamuni, nu bisa ditafsirkeun deui kiwari.
Mangsa harita, kapercayaan yén hiji kecap aya cangcalana (mawa kagoréngan) téh diaringetkeun pisan, komo deui dina usum sasalad.
Disebutna gé apan bagian tina "pantrangan" atawa "pantangan" nu ngurung lima perkara: basa, laku, barang, tempat, jeung jalma.
Dina pantang basa upamana, baréto jaman meuweuh kasakit tampék (campak), ku urang Sunda mah disebutna "kasakit alus".
Nu kaléob atawa kasundut sok disebut "tiis", budak labuh anggur dititah néangan bangkong. Mun anjog ka leuweung, maung téh réa pisan sesebutanana. Aya nu nyebut "sato leuleus", "paman", "ema", "embah", jrrd.
Di satukangeun éta kekecapan ngandung dua maksud. Kahiji pangdunga, upamana nyebut "bageur" mun keur nyarékan budak "bangor".
Kadua, ningtrimkeun kaayaan, ngajak tenang (tapi lain hartina lalawora) dina nyanghareupan bahaya. Kaayaan nu matak geumpeur bisa nimbulkeun salah léngkah.
Kawas nu keur soak disingsieunan, batan cageur anggur cilaka. Ku kituna, cenah nu gering mah ulah dibéré kareuwas, nu nandang cilaka teu meunang dipupuas. (Cék nu kungsi kabaca, upama nu gering manggih kareuwas, setrés, jsté, imunitasna bakal nyirorot, geringna kalah ka leuwih parna).
Padika mimiti nyanghareupan rupaning balai téh nyaéta (sabisa-bisa) henteu geumpeur. Nu kadua, nyiar tarékah atawa ihtiar.
Di Sunda aya paribasa buhun yén "banda téh tatalang raga". Kira-kira mah, kajeun kénéh béak harta ti batan cilaka awak.
Cindekna nu patali jeung bahaya, nyawa, atawa perkara nu matak cilaka, urusan rajakaya (ékonomi) geus teu kudu dipikiran.
Tarékah nyalametkeun nyawa téh lain hartina sieun maot, tapi dina raraga ihtiar téa.
Katiluna, upama sagala ihtiar geus dilakonan, cék paribasana geus béak déngkak, kakara "tarima raga wayahna".
Ieu pituah sok dipaké dina papantunan (Papatét), tapi geus dipaké ti béh ditu kénéh. Nu disebut "tarima raga wayahna" téh tumamprak kana pirang-pirang papastén, nyérénkeun sagala rupana ka Nu Kawasa. Tawekal téa.
Mun ngeunteung ka nu enggeus, sasalad téh kalah beuki meuweuh jeung hésé ditumpesna alatan tilu perkara: kawijakan ti pamaréntah, pangaweruh sarta merekedewengna manusa, jeung béja nu teu karuhan—hoaks téa mun jaman kiwari mah.
Da sakuduna mah, lian ti leuwih ngadeukeutkeun diri ka Nu Kawasa, datangna sasalad téh bisa mageuhan simpay kamanusaan.
Kasakit kudu disanghareupan babarengan, jeung moal sirna ku paséa. Nya teu béda ti perang, mun pasukan paburencay teu puguh, musuh anggur beuki resepeun.
Nu sok maca karya fiksi, tangtu ngalangkang kénéh kumaha rudetna manusa disanghareupkeun kana sasalad. Upamana dina novél "Sampar" karya Albert Camus, lian ti ngagambarkeun paciweuhna hiji kota (tina tilikan filsafat mah meureun séjén deui), sipat-sipat manusa nu hawek jeung licik téh narémbongan.
Malah ieu novél apan dipungkas ku "boa-boa dina hiji mangsa, pikeun kabalangsakan atawa panggeuing ka manusa, sasalad téh bakal hudang deui di tempat nu negrak, di hiji kota nu pinuh kabagja".
Dina novél ahéng séjénna, "Blindless" karya José Saramago upamana, nu digambarkeun téh kasarakahan jeung makmak-mekmekna manusa dina usum sasalad. Antukna nu disanghareupan téh lain ukur panyakit da manusa kalah ka diadu jeung manusa deui.
Éta mah ukur dina fiksi, pinuh ku lalamunan, sagala diaya-aya, cék Ki Silah. Tah, mun kitu mah urang nyokot sababaraha conto di Tatar Sunda wé.
Karuhun urang gé sarua ngalaman kajadian-kajadian genting. Aya opat rupa nu kawilang rongkah mah, nyaéta sasalad malaria (abad ka-17), koléra (abad ka-19 nepi ka awal abad ka-20), cacar atawa kuris (abad ka-19 nepi ka awal abad ka-20), jeung pés (awal abad ka-20).
Kawas nu kungsi disabit dina tulisan séjénna, di Tatar Sunda wungkul, nu maot ku sasalad pés téh nepi ka 20.000 jiwa.
Saméméhna ieu kasakit nerekab di Kota Malang nepi ka éta kota dikarantina. Ari di Sunda mah henteu nepi ka nutup hiji kota, da ngahaja ku pamaréntah kolonial disumputkeun, katurug-turug keur nyanghareupan malaiseu.
Nya kaom amténar nu ditugaskeun ngurus sasalad téh, bari diancam yén pangkat bakal leungit upama teu tuhu.
Pasualan mimiti, ieu kasakit bahaya pisan, mawa "tingkat kematian" nepi ka 100%. Hartina, nu geus katépaan mah hamo kapuluk deui.
Harita mah can aya ubarna. Mun hiji jalma katépaan, bisa tuluy maot kurang ti sapoé. Rahayat bati bingungna, antukna ukur bisa ceurik bari ngagugulung nu gering.
Nu rék ngalongok gé jadi regag-regog, da sieun katerap. Antukna réa lembur nu diantepkeun nepi ka béak pangeusina.
Lantaran teu bisa diubaran téa, tarékah pamaréntah téh ukur misahkeun tilu gundukan jelema.
Kahiji, nu dianggap geus katépaan, ieu mah digundukkeun di lembur kosong, diantep wé nepi ka maotna.
Teu meunang aya nu ngadeukeutan éta témpat iwal ti patugas nu geus dilengkepan ku pakakas.
Kadua, jelema nu dianggap kungsi padeukeut jeung nu gering (upamana kulawargana). Nu ieu mah diasupkeun ka pangbarakan.
Katilu, jelema nu bisa kénéh liar bari nyaksian rupaning kaketir, kitu gé teu meunang ingkah jauh.
Masalah datang deui lantaran pamaréntah teu bisa ngécéskeun bagbagan éta panyakit nepi ka balaréa ngarti. Kitu deui rahayat réa nu baha alatan kapangaruhan béja teu puguh.
Upamana, pikeun nangtukeun nu maot alatan pés atawa lain téh, kudu dipariksa ku mantri. Engké upama geus bukti, kulawarga atawa tatanggana tuluy ditéwak (dikarantina).
Der sumebar béja, magar mantri nu mamawa jarum suntik téh rék nyiksa layon. Digejos lebah beuteungna magar téh, nepi ka aya dongéngna mayit nu ngocéak.
Atuh layon-layon téh disarumputkeun. Nu gering kalah ka sieun kénéh ku jarum suntik batan ku kasakit.
Katurug-turug mantri suntik datangna téh tara maké tata krama. Bulubus wé ka jero imah bari maké sapatu bobolokot leutak, gejos nyuntik nu ngajepat, léos deui wéh. Rahayat réa nu keuheul.
Mantri suntik tuluy pada ngudag nepi ka embungeun deui datang ka éta lembur.
Nu cicing di pangbarakan, réa nu teu ngartieun ku naon pangna ulah ingkah. Tungtungna kalabur, nyarumput di leuweung, di luhur tangkal, liar ka kampung séjén bari mawa kasakit.
Tayohna téh kajeun maot dibedil batan kudu cicing di pangbarakan mah.
Lembur-lembur nu tacan katépaan milu kaweur. Maranéhna tuluy nyiar tarékah, néangan panulak bala.
Tapi nu mancawura téh béja teu puguh téa. Cenah éta kasakit resep dina hawa tiis jeung sieun ku seuneu.
Ti dinya réa nu teu ingkah tina durukan, udud dua poé dua peuting euweuh eureunna, aya deui nu ngurilingan imah bari ngacung-ngacung obor.
*
Mun ngeunteung ka nu enggeus téa, kasakit nu meuweuh téh teu sirna ku riributan—nu puguh mah beuki lila numpesna.
Dina usum sasalad, manusa dipentés némbongkeun rasa kamanusaanana. Naon-naon nu dicontokeun ku karuhun, kawasna mah da teu pagedrug jeung ageman: ngajauhan pantrangan, sauyunan jeung sasama, teu weléh ihtiar, dipungkas ku sikep tawekal.***
Repro C. Jetses tina buku "Di Padésaan" [1926] |
Komentar