Sajak DHIPA GALUH PURBA
Di
Legok Léngkong (1)
Dina amparan taneuh angar barudak keur maén
bal
panas poé entak-entakan luhureun sirah,
nyongkab.
Barudak hanaang, meureut baju nguyup
késang.
Na ka mana cai nu ngeplak sakuriling
bungking?
nu layeut jeung tatangkalan nu ngiuhan Nusa
Gedé!
Situ Léngkong kari rorongkong
katingtriman, iuh-iuhna, kaéndahan kari
waasna
Hiji budak tumanya ka Ki Kuncén nu geus
tawéhwoh samulangna
nyekar ti pajaratan Dipati Hariang Kancana.
“Ki, naha leres
kapungkurna
ieu téh situ? Situ Léngkong Panjalu?”
Situ
Panjalu, Agustus 2008
Di
Legok Léngkong (2)
ti mangsa ka mangsa mingkin ngorotan, sabab
aparat katarajang panyakit
materialisme. Nu kapikir ukur bati macukil,
dug-deg ngawangun katumbiri
nu melengkung sakuliah Situ Léngkong. Tapi
teu maliré widadari-widadari
nu rék susuci. Widadari cadu mandi dina cai
kiruh ku rupaning polusi.
Bujeng hingga widadari, dalah lauk-lauk ogé
ngarambang weureu zat kimia.
Ékosistim teu lumangsung sapuratina. Biwir
Situ Léngkong ditémbok,
lain dipelakan tatangkalan.
Leuweng-leuweung sabudeureun dibukbak.
Pangwangunan pisik bébéakan dihangkeutkeun,
tapi naha bet
mopohokeun
ngarawat-ngarumat tur nyalametkeun
lingkungan? Antukna satutas réngsé
pangwangunan, Situ Léngkong jadi saat. Saat
nu jarah. Saat nu rékréasi.
Saat pakeun pangupa jiwa.” témbal Ki
Kuncén.
Budak leutik ngembang kadu banget teu
ngarti.
Siga belegugna aparat jaman harita nu
teu maliré sora-sora sabudeureun,
nu saban mangsa mépélingan kasalametan
alam.
“Ki, naha
tiasa Situ Léngkong diayakeun deui caina?” tanya budak leutik.
Ki Kuncén imut ngagelenyu, “His, puguh wé
bisa. Asal saratna aya nonoman
ti Panjalu nu sanggup mawa cai zamzam kana
gayung karancang.
Engké, caina séblokeun ka legok léngkong.
Apan baheula ogé
Situ Léngkong téh caina ti Mekah, cai
zamzam kénging nyandak
Prabu Boros Ngora…” kitu pokna Ki Kuncén bari ngaléngkah
meulah taneuh nu beuki bareulah.
Situ
Panjalu, Agustus 2008
Komentar