Dangiang Kinanti Kawali

Acara Nyiar Lumar di Astanagede, Kawali, Ciamis, Jawa Barat


Ku PANDU RADÉA

Alus tangkal Kilayugung
Di alun-alun Kawali
Dibalay diunda-unda
Di kikis diadu manis
Hanjuang Bokor ngajajar
Kaselapan kacapiring

Kitu runtuyan rumpaka pupuh Kinanti anu kiwari mah geus henteu dipikawanoh deui ku generasi ngora di kacamatan Kawali. Padahal dina awal abad 19, ieu pupuh téh jadi hapalan wajib keur siswa Vervolg school  (sakola Jaman Belanda) anu diadegkeun di Kawali, kira taun 1905.

Di satukangeun rumpaka anu basajan téh, manahoréng ieu pupuh téh ku kasepuhan Kawali disebutkeun neundeun gambaran anu patali raket jeung ngadegna hiji karaton. Bisa jadi, ieu pupuh téh diciptakeun keur nyaritakeun deui ngeunaan aayaan karaton Karajaan Kawali anu situsna nyampak di Astana Gedé, Kampung Banjarwaru, Kawali.

Sakumaha anu geus pada mikanyaho yén ngaran  Kawali diabadikeun dina dua prasasti titinggal Prabu Raja Wastukencana. Dina éta prasasti, ditétélakeun "mangadeg di kuta Kawali" sarta karatonna disebut Surawisésa anu dijelaskeun minangka "Dalem sipawindu hurip" (karaton anu méré katenangan hirup).

 Jadi, naon atuh nu ngabédakeun pupuh Kinanti Kawali  jeung pupuh Kinanti anu dipikawanoh kiwari? Nurutkeun Yaya Ganada Koncara, seniman tembang Ciamis, Kinanti Kawali téh kamungkinan mung hiji-hijina kinanti di Pasundan anu munggaran maké laras mandalung (madenda silung) atawa mataraman.  Lantaran umumna mah pupuh Kinanti miangna tina laras Salendro, demi dina tembang Sunda hususnya Cianjuran, pupuh kinanti diolah dina surupan Pélog.

“Tumuwuhna laras matraman di Jawa Barat kirang langkung nembé 20 taunan. sedengkeun Kinanti Kawali cengkokna tos kitu tibaheulana, jigana laras mataraman ieu tumuwuh saprak ajaran Islam nu dicandak ku Cirebon sumebar di wewengkon Kawali.

Harita budaya Cirebon kapangaruhan pisan ku budaya ti Jawa Tengah, utamina Mataram sareng Demak”  kitu ceuk Yaya, anu geus ngalaporkeun ieu pupuh minangka bahan kajian ka Pamager Asih Bandung. Ari Pamager Asih téh mangrupa institusi anu garapanna dina widang pelestarian  tembang sunda.

Teu béda jeung pantun, Kinanti Kawali ditilik tina rumpakana écés ngandung inskripsi sajarah. Sasarina, perenahna hiji karaton mémang henteu jauh ti Alun-alun kerajaan. Di di satengahing alun alun sok dipelakan tangkal anu mibanda simbul kekuasaan, boh fisik pon pilalagi métafisik.

Tapi anu leuwih unik nyaéta ku disebutna tangkal Kilayugung, lain tangkal Caringin. Padahal tangkal Caringin mangrupa tangkal anu ilahar dipelak di puseur alun-alun, nepi ka aya istilah Kuta Caringin atawa Caringin Kurung minangka siloka tina filosofis mandala

“Tiasa wae dipelakna tangkal Kilayugung téh leuwih kana makna spiritual pikeun tawis syukuran ka nu maha Agung. Sedengkeun Caringin mah leuwih kana pamor kawibawaan nagara. Margi mun nitenan wasiat Prabu Niskala Wastukancana nu natrat dina prasasti Astana Gedé tétéla anjeuna ngajarkeun jalan kasalametan atawa karahayuan ” ceuk Yaya kénéh.

Sababaraha waktu kaliwat, tangkal Kilayugung anu langka jeung ukur hiji-hijina téh masih kénéh ngabedega di peuntaseun Kantor UPTD Dinas Pendidikan Kacamatan. Kawali. Tapi, ayeuna mah éta tangkal téh geus musna dituar. Bener-bener manghanjakalkeun. Nu nésa ukur ngaran Kilayugung anu dipaké jadi ngaran salahsahiji kampung di Désa Kawali Mukti.

Pon kitu deui Hanjuang Bokor, di Kawali mah ukur aya di Kampung Kilayugung. Nurutkeun Yaya, anu meunang béja ti sesepuh baheula. Boh tangkal Kilayugung pon kitu deui Hanjuang Bokor, cenah mah dibawa ku hiji putri anu namina Kentring Manik Mayang Sunda. Dina buku Yuganing Rajakawasa (sejarah Jawa Barat) anu disusun ku Yoseph Iskandar, Kentring Manik Mayang Sunda téh mangrupa putri bungsu Prabu Susuktunggal  ti karajaan Sunda.

Kentring Manik ogé dicaritakeun minangka bojo Sang Pamanahrasa, putra Déwa Niskala ti Karajaan Galuh. Susuktunggal jeung Dewa Niskala téh adi-lanceuk, putra Prabu NiskalaWastukancana. Dina catetan sajarah, Sang Pamanahrasa pisan anu kakoncara miboga gelar Prabu Siliwangi, sabada bisa ngahijiikeun Karajaan Sunda jeung Galuh anu antukna kakoncara jadi Karajaan Padjadjaran.

Sunda jeung Galuh minangka dua karajaan padudulur nu sarua rongkahna tur mibanda dangiang anu pohara. Karajaaan Sunda dirajaan ku Susuk Tunggal, demi karajaan Galuh dirajaan ku Prabu Déwa Niskala. Susuk Tunggal jeung Déwa Niskala ogé bébésanan, sabada Jaya Déwata ditikahkeun ka Kentring Manik Mayang Sunda, putra bungsu Susuk Tunggal.

Éta dua karajaan bisa ngahiji deui téh dimimitian ku  peristiwa runtuhna Prabu Kertabumi (Brawijaya V), Raja Majapahit tahun 1478. Réa nu ngungsi ti Majapahit. Tug nepi ka rombongan anu ngungsi ti karabat karaton Majapahit aya nu anjog ka Kawali.

Salah sahiji diantarana nyaéta Radén Baribin, dulur sabapa Prabu Kertabumi. Radén Baribin dibagéakeun kalayan hadé ku Prabu Déwa Niskala, Raja Galuh. Malah Radén Baribin dikawinkeun ka Ratna Ayu Kirana (puteri bungsu Déwa Niskala ti salahsahiji istrina). Ratna Ayu Kirana téh rayina Radén Kamandaka, anu geus jadi raja di Pasir Luhur.

Disagédéngeun ti éta, Dewa Niskala ogé kawin ka salahsaurang wanoja anu ngungsi, sanajan éta wanoja geus bertunangan (dina “Carita Parahiyangan” disebutkan "istri larangan ti kaluaran"). Padahal sabada tragédi Perang Bubat, karabat keraton Kawali dipahing kawin jeung karabat keraton Majapahit. Iwal ti éta, nurutkeun "aturan” harita, wanoja anu geus tunangan dipahing kawin jeung lalaki séjén kajaba lalakina maot atawa ngabatalkeun tunanganna.

Ku kituna,  Déwa Niskala geus ngarempat dua aturan sakaligus tur dianggap dosa gedé salaku raja. Ieu perkara ngalantarankeun Susuktunggal ngancam pikeun megatkeun hubungan jeung Kawali. Tapi, papaséaan téh henteu katutulyan tur bisa dicegah, lantaran dua raja anu keur dilumpudan amarah téh ahirna sarua mundur tina kalungguhanna salaku diri. Prabu Déwa Niskala masrahkeun tahta Karajaan Galuh ka puterana, Jayadewata. Pon kitu deui, Prabu Susuktungal masrahkeun Tahta Karajaan Sunda ka mantuna, anu jalmana éta-éta kénéh, nyatana Jayadewata. Ku kituna, dina taun 1482, karajaan Galuh jeung Sunda ngahiji tur diluluguan ku Jayadewata.***

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post