Ciamis Kudu Amis Budi

Kampung Kuta, Desa Karangpaningal, Kacamatan Tambaksari



Ku DHIPA GALUH PURBA
(Catetan Taun 2005)

UPAMA aya nu stress atawa jangar alatan pabeulitna tur balawirina kalumangsungan patalimarga di pakotaan, aya hadéna upama nyobaan pindah baé ka Kabupatén Ciamis.

 Pangna kitu, perkara karapihan lalu-lintas mah, Ciamis kaitung nomor hiji sa-Indonésia, pikeun katégori kabupatén/kota. Kabuktian pisan dina taun 2005, Ciamis  dilélér deui "Wahana Tatanugraha" pikeun anu katilu kalina. Ieu pangajén téh diajangkeun pikeun pamaréntah kabupatén/kota anu suksés nata atawa ngatur kaayaan nu patali jeung lalu-lintas.

Dina widang lingkungan pakumbuhan ogé,  urang Ciamis kungsi dilélér hadiah “Kalpataru” (taun 2002). Écésna pikeun ngajénan kampung Kuta, Desa Karangpaningal, Kacamatan Tambaksari. Anggangna ti ibukota Ciamis, kurang-leuwih 45 Kilometer.

Di ieu kampung, aya tilu pupuhu nu mingpin lembur; Kadus (Kepala Dusun), nu mingpin pamaréntahan, Kepala Adat, nu nalingakeun kalumangsungan adat, jeung kuncén, nu ngajaga leuweung.

Pangna kampung Kuta dilélér “Kalpataru”, lantaran pangeusi ieu lembur téh dianggap gedé jasana dina miara adat jeung ngarawat lingkungan, kaasup ngajaga Leuweung Gedé nu legana 40 héktar, kiduleun Kampung Kuta.

Ieu leuweung téh ukur bisa disaba saban  poé Senén jeung Jumah. Sing saha baé nu rék nyorang Leuwueng Gedé, teu meunang maké sarupaning perhiasan, sendal atawa sapatu, pakéan nu rupana hideung, jeung pakéan saragam. Demi pantrangan utama, dipahing pisan nyokot naon baé nu aya di leuweung, sanajan ukur régang atawa dahan nu geus raregas. Komo deui atuh nuar kai atawa ngaganggu sato-sato leuweung.

Teu anéh upama kaayaan leuweung téh kapiara tur kapetik mangpaatna pikeun pangeusi kampung Kuta. Tacan kungsi urang Kampung Kuta, ngalaman kakurangan cai, sanajan usum halodo entak-entakan.

Sacara logika, tangtu bakal kaharti, da bakal loba mata cai di Leuweung Gedé. Saha baé nu boga niat goréng, ngaruksak leuweung, tangtu bakal adu hareupan jeung kuncén Leuweung Gedé. Basa sataun katukang mah, nu kakapancénan jadi kuncén téh Maryono, putra cikal Ki Rasipan. Minangka catetan, najan kampung Kuta  téh aya di tapel wates antara Provinsi Jawa Barat jeung Jawa Tengah, tapi basa anu dipaké sapopoéna ngagunakeun basa Sunda, kalayan henteu  kapangaruhan atawa kacampuran ku basa Jawa.

Kalayan dirojong ku répéh rapih jeung bérés-roés lingkungan Ciamis, tangtuna rupaning poténsi Ciamis tingparucunghul. Ku ayana kitu, pamaréntah Kabupatén Ciamis kudu leuwih daria ngokolakeun kaayaan lingkungan. Salah sahijina bisa ngeunteung pola hirup di Kampung Kuta.

Pangna kitu, nilik perékonomian masarakat Ciamis, kacida raket patalina jeung alam. Puguh deui dina poténsi wisata mah, upama alamna ruksak, tangtu pariwisata Ciamis bakal ngurangan pangaruhna. Basisir Pangandaran, Situ Léngkong Panjalu, jeung sajabana, perelu aya panitén nu leuwih daria.

Dina tanggal 16 April nu kaliwat, di Panjalu lumangsung upacara Nyangku, anu sanggup ngumpulkeun rébuan masarakat di Alun-alun Panjalu. Keur sabagéan urang Panjalu, mudik téh tilu kali sataun, nyaéta lebaran Idul Fitri, lebaran haji (Idul Qurban), jeung Nyangku.

Saban taun, écésna poé Senén atawa Kemis dina minggu panungtung bulan Mulud, di Panjalu sok digelar upacara nyangku. Nepi ka kiwari, tradisi Nyangku tetep dipiara tur dilaksanakeun sacara kontinyu. Malah dina acara Nyangku kamari, pangbagéa masarakat leuwih undak batan taun saméméhna.

Pupuhu panitia nyangku dina biantarana, ngawawadianan sangkan masarakat henteu tijalikeuh kana kamusrikan. Pangna kitu, aya di antarana masarakat anu percaya yén cai tilas ngumbah pusaka téh ngandung maunat. Lantaran dianggap mibanda kasiat, masih kénéh aya anus sok ngahajakeun sibeungeut, malah nguyup éta cai.

Tradisi Nyangku téh mémang mangrupa pangéling-éling perjoangan Sanghyang Prabu Borosngora, minangka raja Panjalu nu munggaran ngagem tur nyebarkeun agama Islam. Nurutkeun carita anu sumebar di Panjalu, Borosngora kungsi guguru ka Sayyid Ali di Mekah, sarta satuluyna Borosngora diistrénan jadi raja Panjalu ngaganti lanceukna, Prabu Lembu Sampulur II.

Dina ngatik nagri ngolah nagara, Borosngora teu hilap ngalaksanakeun syi'ar Islam. Demi anu dimaksud pusaka Panjalu téh taya lian barang-barang titinggal Borosngora, anu di antarana pamasihan ti Sayyid Ali, saperti pedang, cis, raksukan haji, jsté.

Demi barang pusaka titinggal Borosngora, dikumbah saban taun dina hiji upacara anu disebut Nyangku. Nurutkeun RH. Atong Tjakradinata, "nyangku" téh asal kecapna tina basa Arab "yanko", anu hartina meresihan. Atong Tjakradinata, salahsahiji sesepuh anu jadi nara sumber ngeunaan sajarah Panjalu.

Malah nilik kana runtuyan kulawargana, Atong mangrupa turunan ka-14 Prabu Borosngora. Runtuyan sacara singgetna nyaéta: Prabu Boros Ngora - Prabu Hariang Kancana (makamna di Nusa Gedé) – Prabu Hariang Kuluk Kunang Téko (makamna di Cilanglung) – Prabu Hariang Kanjut Kadali Kancana (makamna di Sareupeun) - Prabu Hariang Kada Cayut Martabaya (makamna di Hujungwinangun) – Sembah Dalem Aria Sacanata – Sembah Dalem Wira Dipa (makamna di Maparah) – Sembah Dalem Cakranagara I (makamna di Cinagara) - Sembah Dalem Cakranagara II (makamna di Puspaligar) - Sembah Dalem Cakranagara III (makamna di Nusagedé) – Demang RH. Prajadinata (makamna di Mekah) – RH. Muh. Nur Tcakrapradja – RH. Nur Rohman Galim Tjakradinata – RH. Atong Tjakradinata.

Mangan karana halal, Paké karana suci, Ucap lampah sabeneré. Kitu unina palsafah Prabu Borosngora anu nepi ka kiwari kekecapanana dimumulé geusan cecepengan urang Panjalu dina nyorang kahirupan.

“Lamun urang Panjalu hayang suksés hirup di dunya jeung ahérat, kudu bisa ngajalankeun pituah Prabu Borosngora…” ceuk Ikin Susanto, sekertaris Yayasan Borosngora. Sajabana ti éta, Ikin ogé ngécéskeun yén Panjalu téh singgetan tina “Papagon Agama Nagara Jadikeun Amalan Lahir batin Ulah salah”.

Demi agama anu dimaksud, taya lian Islam. Malah digelarna upacara nyangku ogé dina momen Mulud Nabi Muhammad SAW. Hiji bukti, yén urang Panjalu kalintang micinta Rosululloh SAW., sakaligus henteu mopohokeun tokoh lokal (Prabu Borosngora) anu dianggap gedé jasana nyebarkeun agama Islam ka Panjalu.

Nurutkeun RH. Atong Cakradinata, Borosngora téh putra Raja Cakra Déwa ti praméswari Sari Kidang Pananjung. Borosngora mangrupa putra kadua ti genep sadulur. Lanceukna katelah Prabu Lembu Sampulur II, ari adi-adinya nyaéta Panji Barani, Mamprang Kancana Artaswayang, Ratu Pundut Agung, jeung Anggarunting.

Urang Panjalu sorangan, masih aya anu tacan apal kana lalakon dulur-dulurna Borosngora. Padahal lamun dicukcruk mah kawasna bakal sarua matak katajina jeung lalakon Borosngora, saperti Ratu Pundut Agung anu ditikah ku Prabu Siliwangi.

Anu leuwih dipikawanoh mah mémang Borosngora,  tangtungan putra raja nu hanaang ku élmu, halabhab ku pangabisa. Ku ayana kitu, kacaritakeun Borosngora apruk-aprukan nyukcruk pangaweruh.

Malah kungsi salah léngkah, nyaéta ngalap élmu kadugalan ti Ujungkulon. Satuluyna Borosngora kénging bebendon ti ramana, sabab turunan Panjalu dipahing ngalap élmu kadugalan, luyu sareng ajaran luluhurna, Ratu Permana Déwi, anu kakoncara ngagem élmuning karahayuan. Malah ngaran karajaan ogé apan asalna mah Soko Galuh. Diganti jadi Panjalu, taya lian pikeun ngajénan Ratu Permana Déwi anu kawilang dipicinta ku rahayat (Panjalu hartosna istri).

Anu geus dicangking ku Borosngora, henteu asa-asa langsung dipiceun. Lajeng Borosngora maluruh élmu sajati anu baris mangpaat pikeun rahayat Panjalu. Borosngora dibekelan gayung bungbas ku ramana, gayung anu barolong handapna. Éta gayung téh kudu dieusian ku cai, kalayan caina ulah nepi ka bocor.

Saliwatan mah tangtu baé asa pamohalan. Kilang kitu, Prabu Borosngora henteu wantun baha, ngalalana maluruh élmu sajati, tug dugi ka anjog ka Mekah, nepungan Sayyid Ali. Tangtos baé Sayyid Ali ngaping Prabu Borosngora sangkan ngagem agama Islam, sarta ngawiridkeun élmuning Islam. Basa Borosngora parantos diwidian mulang deui ka Panjalu, Sayyid Ali maparin sawatara pusaka, saperti pedang, cis, jsté. Teu hilap, Sayyid Ali ngawadahan cai zamzam kana gayung anu barolong handapna téa. Tétéla, ahéng pisan, cai zamzam henteu bocor, tug ahirna mah tiasa kacandak ka Panjalu.

Barang Prabu Borosngora dugi ka bali geusan ngajadi, Panjalu, lajeng cai zamzam dibahékeun ka legok Jambu. Cai sagayung dadak sakala jadi ngagulidag minuhan legok jambu. Jelegedeg jadi hiji situ. Gayung bungbas dibalangkeun ka lebah Gunung Sawal, janggélék jadi tangkal paku sorok. Ari caina anu nyarakclakanna dadak sakala robah jadi kulah di sabudeureun gunung Syawal. Kitu nurutkeun carita anu sumebar di masarakat Panjalu.

Borosngora dijenengkeun jadi papayung agung karajaan Panjalu, ngagentos rakana, Prabu Lembu Sampulur II. Puseur karajaan anu saméméhna di Dayeuh Luhur, dipindahkeun ka Nusa Gedé, pulo anu dilingkung ku Situ Léngkong. Borosngora ngawitan syi’ar Islam, kalayan kénging pangbagéa ti sakumna rahayat Panjalu.

Borosngora kagungan dua urang putra, Prabu Hariang Kancana sareng Prabu Hariang Kuning. Salajengna Borosngora ngumbara ka Jampang, kalayan tahta karajaan Panjalu dilungsurkeun ka Hariang Kuning.

Dina naskah “Babad Panjalu”, mangrupa koléksi C.M. Pleyte, anu kiwari aya di perpustakaan nasional RI, kodena PLT. 24, dina peti 121, ngaguar lalakon karajaan Panjalu ti mimiti Borosngora ngalungsurkeun tahta karajaan Panjalu ka Hariang Kuning (dina éta babad, disebutna “bupati”).

Satuluyna kacaritakeun kungsi aya pacogrégan antara Hariang Kuning  jeung Hariang Kancana. Nilik kaayaan sarupa kitu, Borosngora ngutus Radén Kampuh Jaya pikeun ngaréngsékeun pasualan antara dua putrana. Ku ayana komara Radén Kampuh Jaya, Hariang Kuning jeung Hariang Kancana bisa léah haténa tur silih hampura. Satuluyna Hariang Kancana diistrénan nyangking kalungguhan minangka raja Panjalu.

Kitu nurutkeun “Babad Panjalu”, minangka lalakon anu ditulis dina winangun sastra dangding, diwengku ku asmarandana, sinom, kinanti, pangkur, durma, dangdanggula, mijil, magatru, jeung pucung. Hartina, tina 17 rupa pupuh, anu dipakéna ukur salapan.

Basa Hariang Kancana pupus, layonna dikurebkeun di Nusagedé, pulo di tengah Situ Léngkong. Aya ogé anu mibanda pamadegan, yén anu dikurebkeun di Nusagedé téh Wastu Kancana, rayina Déwi Citraresmi Diah Pitaloka, putra Maha Raja ti Déwi Laralisning. Malah KH. Abdurahman Wahid mah béda deui pamadeganna téh.

Numutkeun Gusdur, anu dikurebkeun di Nusagedé téh Kiai Panjalu atawa Sayyit Ali Bin Muhammad Bin Umar anu jumeneng dina mangsa karajaan Prabu Siliwangi maréntah di Padjadjaran. Kilang kitu, sabagéan urang Panjalu mah tetep ngarasa yakin yén lalakon Prabu Borosngora katut para putrana, lain saukur carita rékaan.

Borosngora kungsi jumeneng, sarta anjeunna anu munggaran nyebarkeun agama Islam di tatar Panjalu. Nya dina acara nyangku, banda pusaka titinggal Borosngora dikumbah di Alun-alun Panjalu, kalayan disaksian ku rébuan masarakat Panjalu, ditambah ku masarakat ti luareun Panjalu anu panasaran hayang nyaksian pusaka Panjalu

Dina poéan nyangku, anu macét téh lain kandaraan, tapi jalma. Ti suklakna, ti siklukna, awéwé, lalaki, kolot, budak, pada ngajugjug ka Panjalu. Puguh deui ari urang Panjalu pituin mah, dalah anu keur ngumbara di kota ogé nyelang heula mulang ka bali geusan ngajadi.

Panjalu, dina poé Senén (16/04/2005), ngadadak heurin usik, pagilinggisik di Pasucian Bumi Alit, ngabrul minuhan Alun-alun, jeung pada ngadongdon ka Situ Léngkong. Acara nyangku diluuhan ku para inohong, mojang-jajaka Jabar, katut artis nasional, saperti Engkon Komara (Bupati Ciamis), H. A. Syaféi (Ketua PB. Paguyuban Pasundan), Prof. Dr. Himéndra Wangsahadibrata (manten Réktor Unpad), Ir. Enang Supena, Dédé Yusuf, Édiés Adélia, jsté.

Ti rebun-rebun kénéh panitia geus tatahar pikeun ngayakeun prosési ngamandian pusaka Panjalu. Sababaraha urang maké raksukan adat Sunda, kalayan mibanda pancén pikeun mangku pusaka, jeung anu tugasna mayungan. Aya ogé nu maké raksukan jawara, kalayan pancénna ngaping rombongan.

Sajabana pusaka anu dirawatan di Bumi Alit, aya di antara masarakat Panjalu anu nitip peperenian karuhunna pikeun milu dikumbah. Bring, rombongan ngahayakeun hélaran ti Bumi Alit muru ka Situ Léngkong, anu anggangna kurang-leuwih 500 M. Anjog ka Situ Léngkong, rombongan naék motor but, meuntas ka Nusagedé, dina raraga ngadu’a babarengam. Sanggeus réngsé ngadu’a, rombongan meuntas deui ka darat, tur saterusna muru ka Alun-alun.

Rébuan masarakat geus ngagimbung di Alun-alun, ngabagéakeun rombongan pamangku pusaka. Sakur pusaka anu rék dikumbah, dibawa heula kana panggung pikeun dibuka buntelanana. Katingali anu mukaan buntelan pusaka téh antarana Atong Tjakradinata.

Salajengna pusaka Panjalu dibawa ka hiji ranggon anu geus ditataharkeun pikeun tempat ngamandian pusaka. Éta ranggon diperenahkeun di satengahing Alun-alun. Ku kituna, anu ngagimbung téh bisa ningali kalayan atra prak-prakanana ngamandian pusaka. Cai anu dipaké ngamandian barang pusaka téh diwengku ku salapan sumber cai, antarana ti Karantenan, Gunung Bitung, Citatah, Kubang Kelong, Cibatu Agung, Giyut Tengger, Cipanjalu, Cipanuusan, jeung Situ Léngkong.

Sajabana ti poténsi wisata anu kaitung hadé,  sabagéan loba industri leutik masarakat Ciamis, kacida raket patula-patalina jeung alam. Ku ayana kadaharan Ciamis nu kakoncara: galéndo, nuduhkeun yén di Ciamis téh tangtu loba kalapa.

Lebah dieu, poténsi nu asalna tina kalapa téh kacida  euyeubna. Béjana di KUD Kamulyan, Jalan Raya Cijulang - Cimerak KM 1 Cijulang,  bisa ngahasilkeun produksi  Minyak Kalapa, tapas Kalapa,  areng batok kalapa, jeung sajabana. Kapasitas produksi minyak Kalapa bisa nepi ka 7.072 Kg/bulan,  tapas Kalapa 33.696 Kg/bulan, areng batok kalapa 2.080 Kg/bulan,  Nata de Coco: 7.000 Kg/bulan, Bungkil: 14.976 Kg/bulan, Gabus tapas 95.472 Kg/bulan. Puguh baé batina kaitung mucekil, da cenah mah bisa ngumpulkeun duit nepi ka Rp 262.805.830,-.

Dumasar kana data Deperindag Kabupatén Ciamis, loba pisan produksi nu patali kalapa. Di antarana  “CV. Sejahtera Jaya”  anu matuh di  Jalan Raya Cijulang No. 379 Pangandaran, bisa ngahasilkeun duit Rp 104.000.000,-  ku ayana kapasitas produksi minyak kalapa  3.600 ton saban tahun. “CV. Nata De Coco Abadi”, anu alamatna di jalan Raya Batulawang Kecamatan Pataruman, Banjar, tétéla bisa ngahasilkeun produksi  Manisan Kalapa 1.500 ton  saban tahun, kalayan ngumpulkeun duit  Rp 118.500.000,-. “Rasa Asli”  di  Cialame, bisa ngahasilkeun  Minyak letik, Galéndo, jeung Nata de Coco 92.000 ton saban tahun, kalawan ngumpulkeun duit  Rp 10.000.000,- .

Produksi kadaharan séjénna ogé, teu saeutik nu dikeureuyeuh ku urang Ciamis. Saperti  produksi Kiripik cau jeung kiripik sampeu “LEGIT” di Jln. HOS Cokroaminoto No. 17, anu kapasitas produksina bisa nepi ka 45 ton saban bulan, kalayan ngahasilkeun duit Rp 11.500.000,-.  Aya deui produksi rupaning kuéh mantéga “PUSPITA” di  Dusun Ciakarhilir, Desa Ciakar Kacamatan Panjalu, anu kapasitas produksina nepi ka 600 ton saban bulan, kalayan ngahasilekun duit Rp 7.500.000,-. Atawa  “Linggar Sari”  di dusun Cisalam, Désa Margaluyu Kacamatan  Cikonéng, anu bisa ngahasilkeun rupaning kuéh 13,3 ton saban tahun, kalayan nyakuan duit ladang usahana Rp 30.000.000,-.

Dina urusan karajinan, saperti  taneuh liat jeung waditra kasenian Sunda, masarakat Ciamis ogé kaasup anu motékar.  “Fuji A Keramic” pimpinan  Atim, Spd, di  Dusun Desa Werasari Kacamatan Sadananya, bisa ngantongan duit Rp 5.500.000,- alatan kamotékaranana ngaracik Taneuh Liat, saperti pot kembang, asbak, hiasan dinding, jeung sajabana. Béjana mah Atim, bisa ngasilkeun  72.000 rupa karajinan saban tahun. “Dahlia” di wewengkon Kalkapa Jajar, nu ngaracik waditra Angklung jeung arumba, bisa ngajual 150 set saban tahun, kalawan ngahasilkeun duit Rp 12.000.000,-.

Kaasup widang kaén batik ogé, Ciamis henteu tinggaleun. Buktina  “CV Bintang Pusaka”, anu matuh di  Dusun Ciwahangan Desa Imbanagara, Ciamis, kapasitas produksina nepi ka 15.600 kodi saban tahun, kalayan nghasilkeun duit Rp 104.148.000,-. Pakéan jadi  “Pajajaran” ogé bisa ngahasilkeun 36.000 lusin saban tahun, kalayan ngumpulkeun duit : Rp 14.700.000,-. Ieu pausahaan anu diluluguan ku  H. Toni Sultoni téh matuhna di  Jln. Dr. Ciptomangunkusumo No. 11, Ciamis.

*

CIAMIS manis, tétéla henteu saukur mamanis, da mémang di Ciamis mah loba nu amis. Pangpangna mah ngeunaan kadaharanana kawentar—galéndo—anu tangtu rasana amis. Cindekna mah, nyaritakeun perkara nu araramis, tangtu kudu nyabit ngaran Ciamis.

Di antara rupaning amis nu dipibanda ku urang Ciamis, nu paling utama kudu dipiara mah taya deui iwal ti: amis budi. Amis budi ka Nu Maha Kagungan, amis budi ka sasama mahluk, jeung amis budi ka alam.

Lamun nu kungsi nganjang ka Situ Panjalu, pasti bakal apal kana sawatara mitos anu sumebar di masarakat. Contona, ulah nyebut “kalong” di Situ Panjalu. Mangkaning di luhureun Nusagedé, rébuan kalong mani riab tingkalayang tur tinggarantung dina tatangkalan. Sabenerna, pantrangan nyebut “kalong” téh minangka salahsahiji kaaripan lokal. Lain perkara pamali-pamali teuing. Lamun nyebut “kalong” baé teu meunang, komo atuh ngabedil kalong atawa ngaruksak alam Situ Léngkong Panjalu.***


Ranggon Panyileukan, 16 Rabiul Ahir, 1426 Hijriah (2005 Masehi)


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post