Foto ilustrasi: kompas.com |
CARITA BANYOL Serial "Bintang Cigorowék"
Ku DHIPA GALUH PURBA
Ukur ku cara niup, duit téh bisa nyalampeurkeun. Ditilik tina jihat prak-prakanna mah kawasna teu pati béda jeung ahli nyuling, tukang huhuitan, juru parkir, tug nepi ka Hansip Baron. Apan Hansip Baron boga sawah 10 héktar téh ladang tina niupan piriwit. Biasa wé modus operandina mah, nyumput handapeun tangkal kiara, palebah parapatan. Lamun aya béca atawa sado anu ngalanggar lampu beureum, Hansip Baron buru-buru némbongan bari niup piriwit.
“Wayahna kudu ditilang! Rék nitip sidang, mayar tilang éléktronik, atawa sidang di pangadilan?” kitu tah pok-pokan Hansip Baron anu maranti lamun kaparengan aya sabangsaning béca atawa sado anu ngalanggar lampu beureum téa.
Malah sakalieun aya munding atawa domba anu nyasab ogé bejana mah da sok ditilang. Teuing kumaha undak-usuk nilangna, da nepi ka kiwari ogé tacan kungsi aya nu bisa maluruh.
“His, tukang balon mah ulah disakompét daunkeun jeung Hansip Baron atuh! Béda cara niupna ogé. Tara tuap-tiup ka nu lain tiupeunana…” Mang Tohél rada muncereng ka Penulis. Teuing pédah dagangan balonna teu payu waé, atawa memang idealismena kuat.
“Niup balon mah kudu maké perasaan, diresapi, diteuleuman sari patina, ngarah henteu nepi ka bitu,” Mang Éon mairan. Sarua manéhna ogé tukang dagang balon. Teuing kumaha, di Cigorowék nepi ka riab tukang balon.
Diitung-itung aya kana tilu puluh urangna anu kadaptar téh, dumasar kana sénsus désa. Malah ku lantaran riab téa, nepi ka nyieun pakumpulan anu dingaranan Asosiasi Pedagang Balon Daerah, atawa disingket jadi APBD.
Ti wanci haneut moyan kénéh, APBD téh ngayakeun rapat istiméwa di buruan balé désa. Cenah mah keur madungdengkeun perkara singketan balon. Pangpangna mah ngarah singketana henteu pahili jeung balon versi bakal calon.
Dina hal ieu, Aki Ukro nandeskeun mun yén tukang balon perelu mibanda singketan balon anu mandiri. Malah satuluyna rek didaptarkeun dipaténkeun hak ciptana.
“Sakumaha anu kauninga ku para wargi sadayana, réhna di nagara urang téh aya UU No.19 taun 2002 ngeunaan hak cipta anu eusina diwengku ku 78 pasal. Perelu pisan hak cipta téh keur kapentingan tukang balon. Malah ti jaman Walanda kénéh ogé, sabenerna geus aya aturan hak cipta dina auteurswet 1912,” kitu pokna Aki Ukro.
“Ké, ké, naha ari singketan téh kaasup anu ditangtayungan hak ciptana?” Mang Jasmin tumanya.
“His, puguh baé dilindungi pisan. Singketan téh mibanda ajén seni anu kacida gedéna. Sok baé ilikan dina UU No.19 taun 2002, pangpangna pasal 12, poin f. Di dinya disebutkeun mun yén hak cipta anu ditangtayungan ku undang-undang téh nyaeta widang élmu pangaweruh, seni, jeung sastra,”
“Ari singketan balon ka mana asupna?”
“Lah, kumaha silaing baé perkara asupna mah. Nu écés mah singketan téh kacida agungna. Contona, lamun singketan ITC dirobah jadi Ikatan Tanteu Centil, apan bakal ngaramuk tah pangurus ITC Kebon Kalapa…”
“Enya, geus, ayeuna mah tong loba teuing ngawangkong. Pék geura tembrakeun singketan balon anu rék dipaténkeun téh!” kitu pokna Aki Ukro.
Puguh baé mani langsung ngaracung, hayang paheula-heula nyarita.
“Ceuk uing mah, singketan Balon téh asa alus pisan lamun Batan Selon…” ceuk Mang Bontot.
“Ah, silaing mah kawas nu prustasi baé. Mending kénéh Babarian Kadalon-dalon,” Mang Winta nyelengkeung.
“Goréng éta ogé! Hésé dicerna ku barudak ayeuna. Balon mah hadéna Singketan tina Badingkut Budak Bolon… nyastra pisan”
“Sarua éta ogé teu kaharti. Mending kénéh; Belajar Adalah Lukisan Orang Negeri!” Ulis Kowi, embung tinggaleun.
“Teu nyambung satéh! Singketan Balon mah Basmi Si Melon!”
“Na manéh mah siga nu kéki ka uing téh?!” Si Mélon muncereng.
“Geus, ulah paraséa. Sok nangtung ari rék ngajukeun pamanggih mah, Mélon!” ceuk Aki Ukro.
Puguh baé Si Mélon langsung naék kana méja.
“Ceuk kuring mah, Balon téh Basa Anjeun Lumpat…”
“Cik atuh sing sopan, Mélon! Turun siah!” Aki Ukro muncereng.
“Ongkoh Nangtung!” témbal Si Mélon bari turun tina méja.
“Sok tuluykeun deui, Mélon. Asa rada nyastra tah singketan téh. Kari néangan singketan dua hurup deui, O jeung N,”
“Enya, apan bieu enggeus, Ongkoh Nangtung!” témbalna.
“Jurig téh, teu balég ilaing mah. Goréng! Déngékeun yeuh pamanggih kuring; Bantulah Aku Lapar Orang Negeri!”
“Na silaing mah kawas nu jajaluk baé atuh. Goréng kénéh! Nu alus mah, balon téh singketan tina; Bandung Lautan Londok!”
“Wah, bahaya pisan. Cik atuh ulah ngaruksak anu geus aya. Apan geus aya Bandung Lautan Api. Ieu mah kalah rék dirobah jadi Bandung Lautan Asmara, aéh…Londok!”
“Enya, ulah. Mending kénéh Bibir Arin Laksana Onde Nikmat…”
“Cuih, dasar jalma cunihin! Saruana teu balég. Alusna mah; Biarlah Aku Lalui Ora Neng Lina…”
“Menggeus, kalah ngagugulukeun nu kitu. Subyéktip pisan siah! Cik atuh nu balég ngasongkeun pamanggih téh!” Aki Ukro rada ngawakwak.
“Sanggeusna kuring ngaafrésiasi sakabéh usulan, saterusna kuring rék mutuskeun hasil tina babadamian anu pasti mengkoordinir sakabéh usulan. Kaputusanna Balon téh alusna mah singketan tina Cigorowék Damai dan Bahagia! Kumaha satuju?!” antukna Aki Ukro biantara, ditéma ku éprak jeung anu tingsaruit. Cindekna mah saréréa ogé satuju BALON téh jadi singketan tina Cigorowék Damai dan Bahagia.
Taya nu wani protés. Dalah diélingan ku Penulis ogé, Aki Ukro kalah ngajak galungan. "Geus ngajedog penulis mah, ulah pipilueun! Nulis wé nu bener ngarah bisa meuli sawah di Ciméndong! Dasar pepejuh!" kitu pokna Aki Ukro.***
Ranggon Panyileukan, 2002
Komentar