Budah Kahirupan: Catetan Dr. KH. Asep Saéful Muhtadi

Ilustrasi, Mekah- 25 November 2017 (Foto: Dhipa Galuh Purba)


Ku Dr. KH. Asep Saéful Muhtadi

MANGSA ningali pagelek-gelekna manusa di rohangan sosial anu pepek ku muatan agama, pikiran urang mindeng katodél sakadar pikeun tumanya: naha manusa anu sakitu renyekna téh henteu mibanda ma’na?

Jumlah anu sakitu lobana, tapi henteu jadi idéntitas anu dominan; sora anu sakitu harusna, tapi henteu mampuh ngadalikeun kawijakan; jeung panjangna barisan anu minuhan kota, tapi henteu sanggup ngahudang nurani?

Dina lautan manusa anu digelar babarengan jeung kiai katut kapala nagara, aya kagumbira tur kabungah anu ngahudang gedurna sumanget raga. Hanjakal tacan tangtu baris népakeun pangaruh kana jiwa. Ngaguruh ku gogorowokan handaruan, aweuhan takbir jadi pamandangan simbolik anu méh henteu kabaca.

Tapi, sagalana ukur lumangsung sakédét nétra, henteu ngawarnaan pakéan sapopoé anu salawasna napel dina rupaning laku lampah rutin, pon pilalagi insidéntal. Henteu jadi warna raksukan para inohong, henteu ogé jadi warna pakéan somah, malah henteu jadi warna baju taqwa lapisan santri. Kabéh ukur jadi simbol agama anu henteu ngajanggélék ngawarnaan kahirupan.

Dina kasempetan nganjang ka taneuh suci, kuring manggih kasempetan pikeun nyaksian lautan muslim anu jauh leuwih loba. Kuring ogé hadir babarengan di satengahing pagelek-gelekna manusa anu saban jeungkal jadi tempat sumujud.

Dina waktu anu bareng, hiji khotib nyarita perténtang, ngagorowokeun kateuadilan pulitik anu tumiba di sawatara nagara anu padumukna mayoritas muslim. Satuluyna, aranjeunna ngadu’a sangkan dipaparin kabébabasan.

Para jama’ah méh babarengan ngucapkeun “Amin”. Tungkul, sawaréh aya nu peureum tur ngeclakeun cimata, ibarat keur nyaksian katunggaraan anu keur meujeuhna karandapan ku rébuan rahayat Palestina.

Kawasna kalintang basajan upama kuring manggih kanyataan, mangsa aya jalma anu leuwih ngéwa kana kumpulan nu juma’ahan, batan anu silih sedekeun dina raraga paboro-boro mulung sawér pangantén anyar atawa pangantén teu anyar.

Maranéhna beubeunangan. Taya lian beubeunangan hiji kabutuhan pragmatis sakadar keur nyumponan jajan anakna. Ari anu juma’ahan mah baralikna henteu meunang duit sidqah ti khotib, anu kakara réngsé khutbah ngeunaan pentingna sodakoh. Sabab, sodakoh kakara jadi pangajaran agama kalayan tacan jadi sikep jeung laku-lampah dina ngagem agama.

Anéh. Boa ieu pisan anu digambarkeun ku Rosululloh Saw. minangka “budah”. Anu beuki ngabudah, tapi henteu mibanda ma’na nanaon pikeun kahirupan. Budah anu aya kalana éndah katingalina, tapi henteu mibanda kakuatan nanaon pikeun nyumponan kabutuhan hirup. Hampos. Kacida pikahariwangeun. Mangka, upama ieu téh enyaan kanyataan anu jadi bukti sawangan Nabi, urang kudu buru-buru istighfar. Tobat babarengan. Ngayakeun dzikir sacara koléktif.

**

KEUR samentara mah urang henteu kudu ceuceuleuweungan. Keun baé partéy mahabu ogé. Tapi lain pikeun jadi sumber solusi. Sabab, kanyataanana mémang henteu kungsi méré solusi. Pikiran deui mangsa ngabring nohonan pésta démokrasi, upama jumlah anu sakieu lobana henteu jadi enteung kakuatan pulitik anu mibanda ma’na pikeun karaharjaan umat.

Sagalana jadi euweuh purieunana. Sabab maranéhna kalibet kalayan henteu ngahadirkeun Pangéran minangka salah sahiji komitmen umat anu ngagem agama.

Ngagem agama kawasna kakara jadi idéntitas formal. Rénghap jeung sakur ketak kahirupanana tacan ngagem agama. Dina kanyatanana, masarakat urang masih perelu diajar leuwih daria ngeunaan kumaha carana jadi manusa anu ngagem agama.

Unggal jalma pasti kungsi, bisa jadi sering, malah boa salawasna nyanghareupan mangsa-mangsa anu bangga, rudet, di satengahing kasibukan anu susul tepus méh taya rerepna. Tapi, di satengahing kaayaan rudet siga kitu, urang kudu sanggup ngahadirkeun Pangéran. Tah, kitu carana jalma anu ngagem agama mah.

Lain éta baé. Urang ogé perelu népakeun pangalaman penting ka maranéhna anu masih kénéh cacarakan nyorang atikan dina umur nu masih ngora. Maranéhna téh barudak anu ngabutuhkeun pangusap dina raraga ngawanohkeun trangtungan jalma anu ngagem agama kalayan murni.

Mangsa dunya nawarkeun rupaning wanda matéri anu ngajangjikeun kasugemaan, saperti sakur pangbibita anu ngagémbang dina layar télévisi, naha urang ogé rék nyoba nawarkeun ku jalan séjén ka barudak urang?

Upama urang percaya yén hiji budak téh nyorang dunya ku jiwa nu reumbeuy cinta tur sajalantrahna, mangka urang ogé kudu sadar yén minangka kolot perelu mibanda pancén jeung tanggung jawab pikeun nuwuhkeun spiritualitas maranéhna. Perkara anu mibanda sipat spiritual, méré mangpaat anu kawilang rongkah ka barudak. Utamana, mangsa barudak berjoang pikeun jadi manusa anu mibanda jiwa jeung émosi nu séhat.

Upama kitu, salahsahiji tugas penting kolot téh nyatana nataharkeun barudak sangkan asak spiritualna. Carana taya lian ku jalan nyiptakeun kalumangsungan kulawarga anu pepek ku hawa agama sacara murni. Ëta pisan minangka tugas utama urang.***

Dimuat di Majalah Bina Dakwah

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post